Ungkal Biang: Mémoar Éksisténsi Seni Tradisi

 

Agni Malagina

diterjemahkeun ku Kang Mumu

Prosési unik nu disebut “Ungkal Biang” geus dilaksanakeun di hiji tempat nu dikurilingan ku 78 titik situs bersejarah mangrupa ménhir, dolmén, pundén berundak, batu tapak, batu dakon, batu kursi, sumber matacai suci, Sindangabarang Bogor. Di tempat nu ditiupan titik cai ti Gunung Salak téh, Minggu, 16 Novémber 2008, ungkal biang (batu induk mangrupa batu tugu ciri atawa tetengger ngadegna hiji  kampung adat) diadegkeun.

Sajarah ungkal biang téh béjana geus aya ti saprak jaman Karajaan Pajajaran (923–1579). Dina mangsa Sri Baduga Maharaja (1482-1521) mingpin, Mantenna nancebkeun ungkal biang di gédéngeun prasasti Batu Tulis–Bogor minangka tetengger mangsa kapamingpinanana. Sababaraha kampung adat Sunda gé miboga ungkal biang minangka tetengger ayana éta kampung, saperti di kampung Tegal Umbu di Banten Kidul, misalna. Pupuhu (ketua adat) kampung budaya Sindangabarang–Ahmad Mikami Sumawijaya–nétélakeun yén ieu ungkal biang gé mangrupa lambang persatuan lembur (désa) Sindangbarang.

Milih batu tugu téh  hiji hal nu teu gampang. Pupuhu nu akrab disebat Rama Maki gé dibantu ku budayawan Sunda–Anis Djatisunda–dina nangtukeun batu tugu. Ungkal biang téh ‘dicokot’ teu jauh ti titik Taman Sri Bagénda jeung Sumur Jalatunda nu geus diresmikeun  jadi situs purbakala ku Dinas Pariwisata Kabupatén Bogor. “Ungkal biang diangkat ti sisi walungan ku 30 urang,”ceuk Abah Encém, sesepuh adat Sindangbarang. Prosési dimimitian ku acara ngadegkeun ungkal biang. Susah-payah para kokolot ngadegkeun batu ngagunakeun tuas jeung tambang, teu aya téknologi modérn  nu marengan diangkatna éta batu téh. Éta batu tugu ngadeg kalawan weweg bari disiraman cikembang 7 matacai nu dianggap karamat ku warga Sindangbarang minangka simbol ngaleungitkeun énergi goréng nu aya dina éta batu. Prosési ungkal biang ditutup ku ngalungkeun hayam jago bodas ka luhur. Upacara éta isuk-isuk téh dipungkas ku upacara murak tumpeng atawa dahar tumpeng babarengan.

 
“Tadi waktu prosési aya heulang ‘ngaliwat’ kan?” tanya Pupuhu.

Si kuring spontan ngaenyakeun.

 “Éta téh luluhur nu milu ngaluuhan upacara,” tembal Rama Maki bari nambahkeun yén upacara ngadegkeun batu tugu téh lain wangun sesembahan kana batu,”ieu ungkal biang téh ngan mémoar pikeun anak-incu, yén di dieu ngadeg kampung budaya Sindangbarang.”

Dina waktu nu sarua, sakabéh nu hadir dina upacara nu ngan sakali dilaksanakeun ku hiji kampung adat téh dihibur ku rupa-rupa kasenian Sunda, hasil karancagéan jeung kontémplasi para seniman Kampung Budaya Sindangbarang nu kagabung di Padépokan Giri Sunda Pura. Jaipongan, réog, jeung angklung gubrag (diajar ti seniman di daérah Cipining) jadi andelan kasenian kampung budaya nu anyar kénéh ngalaman prosés révitalisasi dina taun 2007. Rampak penca jeung parebut sééng–nu mibanda dasar seni béladiri Cimandé–ogé milu dipagelarkeun. Di kampung nu ogé boga ratusan pangrajin sapatu, seni tradisi Sunda dimekarkeun. Hiji tarékah pikeun ngawangun katahanan budaya ku jalan prosés modifikasi minangka panyaluyuan kana tungtutan masarakat nu deukeut jeung paradigma globalisasi. Komodifikasi seni tradisi téh jadi salah sahiji alternatif pikeun ngagenjot gairah berkesenian; bari tetep miharep, seni tradisi tetep éksis marengan ngadegna hiji réplika kampung adat. Karancagéan atawa révitalisasi berkesenian lain pikeun ngaleungitkeun budaya tradisi, tapi  malah mah pikeun ‘ngawangun’ supaya éta kasenian ngamétamorfosa jadi kukupu nu deukeut tur  nyampur jeung kakiwarian.

Share

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *